Aki jeung nini

*Aki* *jeung* *Nini* *tarorek.*
Aki : nempo topi aki teu ni?
Nini : istighfar aki, piraku bulan puasa nanyakeun kopi! Atuh batal!
Aki : saha nu menta bantal sateh! , topiiii..
Nini : heueuh sarua, ukur ngopi oge batal deuleu!
Aki : beda belegug!. Topi jeung bantal mah!. Make jeung sarua sagala. (Aki ngambek).
Nini : kuma dinya we lah! (Bari rek ngaleos ka dapur tuluy malik deui ka si aki) gulaan ulah?
Aki : nyokot topi-topi wae mani kudu duaan! Na teu bisa sorangan? (beuki ambek)
Nini : dasar weureu! Maenya kopi dikorangan. Beuki ngacapruk weh aki-aki teh nyaritana! (Ngajanggilek baeud bari ngincid ka dapur)
Aki : tah kitu! tong sok babari ambek ka salaki teh ngewa!
Nini : heueuuuuh! (ngagorowok ti dapur)
Aki : har euweuh nyah! Duh lebar mangkaning topi anyar.
Teu lila si nini datang bari nanggeuy kopi,
Nini : yeuh!
Aki : colohok

Komentar